Carita Banyolan Sunda

Banyolan Sunda - Ari basa sunda sok aya aya wae pikaseurieun tingkah polahna. Saperti nu bakal dicaritakeun di handap ieu banyolan kahiji jeung kadua. Sugan we ku ayana banyolan saperti kieu nu camberut bisa seuri. Nu baeud bisa nyerengeh...

Banyolan sunda ka hiji :
Tah ieu dongeng judulna : "KODOK Deeen…!??"
Kacaritakeun aya urang Jakarta anu nganjang ka hiji lembur anu jauh ti kota, ningali aya nu keur neangan lauk di sawah. Teras eta urang jakarta hayang apal naon nu keur dipigawe ku eta pamuda kampung, kieu obrolanana teh :
urang jakarta: "Lagi ngapain Bang…???"
urang lembur: "Biasa den, lagih ngala lauk."
urang jakarta: "Ooh ya ya, boleh saya ikut please help?"
urang lembur: "Boleh pisan atuh…"
urang jakarta: "Caranya gimana?"
urang lembur: "Ah kumaha we, yang penting mah beunang ajah lauknyah… mau di sair atow di kodok."
urang jakarta: "Ooh…!??"
Teu lila kaciri ku urang jakarta aya lele nolol deukeut liang galengan.
urang jakarta: "itu ada lele deket lubang…!"
urang lembur: "Euleuh… enya den, aya lele ngan tida’ kaciri lubangnyah, kodok den..!"
urang jakarta: Bukan kodok, itu lele yg deket lubang..!"
urang lembur: "iyah lele, tapi kodok den biar beunang, keun weh lubangmah kabur juga hese newak nyah.."
urang jakarta: Tapi itu lele kan bukan kodok?"
urang lembur: Iyah sayah juga tau.., tapi kodok den..!
Hehe... pabeulit tah antara "kodok" jeung "bangkong", tong kitu nya pamiarsa bilih ngisinkeun urang sunda...?!!!..

Banyolan nu kadua : 
Saminggu deui ka lebaran Ohim re balik ti jakarta. Ohim nelpon anakna di lembur..
Ohim: “haalloo jang kumaha cageur?
Ucil: uing cageur pa..
Ohim: si ema cageur..?
Ucil: cageur pa.. iraha bapa uih?
Ohim: minggu hareup jang..
Ucil: bawakeun oleh2 nya pa..
Ohim: enya sok sebutkeun hayang naon??
Ucil: “asseekk! uing hayang hp blekberi pa..meh gaya ka neng rina..
Ohim: “enya ku bapa di bawakeun… tuluy hayang naon deui??
Ucil: hayang hendikem pa, meh bisa nyieun pideo jeung neng rina..
Ohim: gampang ke ku bapa di bawakeun..
Tanya si ema, hayang oleh2 naon kituh??
Ucil: pa, ceuk si ema.. ema mah hayang kutang nu mahal cenah pa..
Ohim: ulah nu kitu, tanyakeun deui nu lain kituh!
Ucil: pa, ceuk si ema, mun teu kutang..cangcut we cenah nu alus.. nu didieu geus saroek cenah pa..
Ohim: ulah nu kitu kituh! nu lain we! dompet.. hp.. jam tangan.. kalung… atawa nu lain!
Ucil: embungeun pa, hayang eta wae cenah..
Ohim: euh! bejakeun teu bisa nu kitu mah!
Ucil: “naha pa ?
Ohim: “hese nyopetna!!


Taah eta carita banyolan sunda nu pantes mun dipraktekeun dina acara-acara hiburan bobodoran atawa panggung bobodoran di lembur. Mudah-mudahan manfaat kangge pamiarsa sadaya. 
Cag ah.. enjing deui...

Share :