Contoh Sisindiran Bahasa Sunda

Di handap ieu, contoh sisindiran nu mangrupikeun alat komunikasi urang sunda buhun, anu diserat ku bahasa sunda, mugia janten manfaat:

Kadu pahili jeung nangka
Wadahna kana karanjang
Kudu apik jeung berseka
Sangkan sehat hirup urang

Daun kangkung saayakan
Ngeunahna lamun di sepan
Lamun urang tambarakan
Badan sok gampil geringan

Peuyeum ketan make ragi
Amis najan tampa gula
Mun gering tangtuna rugi
Bakat tinggaleun sakola

Ulah ngaganggu papanting
Bisi nyeureud kana mata
Kasehatan memang penting
Leuwih penting batan harta

Baca oge tips bisnis dan usaha, ameh tereh beunghar.

Share :