Ngenaan Dongeng Bahasa Sunda |Ragam Nami-nami Dongeng

Dongéng kalebet kana wangun prosa heubeul. Sumebarna sacara lisan di balaréa tatlépa ti hiji jalma ka jalma nu lian. Dina dongéng loba pisan unsur pamohalan, saperti sato bisa nyarita jeung mikir. Dongéng ogé tara kanyahoan saha nu ngarangna (anonim). Lamun kitu ciri khas dongéng aya tilu nya éta sumebar sacara lisan, loba unsur pamohalan, jeung anonim.

Dongéng bisa dipasing-pasing deui jadi:
1. Dongéng sasatoan (fabél)
Dongéng anu palaku utamana sasatoan kayaning kuya, monyét, sieum, peucang jsb. Sasatoan-sasatoan éta bisa nyarita tur mnagrupa perlambang pasipatan manusa sabenerna mah. Conto dongéng fabél nya éta Sakadang Kuya jeung sakasang Monyét, Peucang Keuna ku Leugeut, Peucang jeung Maung.

2. Dongéng jalma biasa/teu lumrah (farabel)
Dongéng anu nyaritakeun kahrupan jalma biasa, tur biasana mah pasipatanna mahiwal ti batur. Contona Dongéng Si Kabayan, Abu Nawas, Si Congcorang.
Dongéng sasakala/legenda

3. Dongéng anu nyaritakeun asal muasal kajdian hiji tempat, ngaran gunung, sasatoan. 
Contona sasakala gunung tangkuban parahu, sasakala situ bagendit, sasakala japati sukuna beureum.
Dongéng mite/mithos

4. Dongéng anu aya hubunganna jeung kapercayaan masarakat kana bangsa lelembut atawa hal-hal gaib. 
Contona dongéng Nyi Roro Kidul, Nyi Dewi Sri, Dongéng Kuntilanak.
Dongéng babad /sage

5. Dongéng nu aya patalina jeung kajadian atawa tokoh-tokoh nu ngandung unsur sajarah. 
Kayaning Dongéng Prabu Siliwangi, Dongéng Keansantaang, Dongéng Séh Abdul Muhyi.

Saupama urang mendakan dongeng, maka teu kenging diyakini nyata kajadianana. Eta teu aya lian ngan saukur bahasa sastra pikeung ngabubungah atanapi ngaramekeun wungkul. 

Share :