Tampilkan postingan dengan label Sastra. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Sastra. Tampilkan semua postingan

Ngenaan Dongeng Bahasa Sunda |Ragam Nami-nami Dongeng

Dongéng kalebet kana wangun prosa heubeul. Sumebarna sacara lisan di balaréa tatlépa ti hiji jalma ka jalma nu lian. Dina dongéng loba pisan unsur pamohalan, saperti sato bisa nyarita jeung mikir. Dongéng ogé tara kanyahoan saha nu ngarangna (anonim). Lamun kitu ciri khas dongéng aya tilu nya éta sumebar sacara lisan, loba unsur pamohalan, jeung anonim.

Dongéng bisa dipasing-pasing deui jadi:
1. Dongéng sasatoan (fabél)
Dongéng anu palaku utamana sasatoan kayaning kuya, monyét, sieum, peucang jsb. Sasatoan-sasatoan éta bisa nyarita tur mnagrupa perlambang pasipatan manusa sabenerna mah. Conto dongéng fabél nya éta Sakadang Kuya jeung sakasang Monyét, Peucang Keuna ku Leugeut, Peucang jeung Maung.

2. Dongéng jalma biasa/teu lumrah (farabel)
Dongéng anu nyaritakeun kahrupan jalma biasa, tur biasana mah pasipatanna mahiwal ti batur. Contona Dongéng Si Kabayan, Abu Nawas, Si Congcorang.
Dongéng sasakala/legenda

3. Dongéng anu nyaritakeun asal muasal kajdian hiji tempat, ngaran gunung, sasatoan. 
Contona sasakala gunung tangkuban parahu, sasakala situ bagendit, sasakala japati sukuna beureum.
Dongéng mite/mithos

4. Dongéng anu aya hubunganna jeung kapercayaan masarakat kana bangsa lelembut atawa hal-hal gaib. 
Contona dongéng Nyi Roro Kidul, Nyi Dewi Sri, Dongéng Kuntilanak.
Dongéng babad /sage

5. Dongéng nu aya patalina jeung kajadian atawa tokoh-tokoh nu ngandung unsur sajarah. 
Kayaning Dongéng Prabu Siliwangi, Dongéng Keansantaang, Dongéng Séh Abdul Muhyi.

Saupama urang mendakan dongeng, maka teu kenging diyakini nyata kajadianana. Eta teu aya lian ngan saukur bahasa sastra pikeung ngabubungah atanapi ngaramekeun wungkul. 

Selengkapnya

Kumpulan Paribasa Jeung Babasan Sunda

Di handap ieu kumpulan paribasa jeung babasan sunda. Koleksi sunda ayeuna tos seueur dikantunkeun ku para penulis, mudah-mudahan ieu budaya henteu tumpur.

Selengkapnya

Contoh Sisindiran Bahasa Sunda

Di handap ieu, contoh sisindiran nu mangrupikeun alat komunikasi urang sunda buhun, anu diserat ku bahasa sunda, mugia janten manfaat:

Kadu pahili jeung nangka
Wadahna kana karanjang
Kudu apik jeung berseka
Sangkan sehat hirup urang

Daun kangkung saayakan
Ngeunahna lamun di sepan
Lamun urang tambarakan
Badan sok gampil geringan

Peuyeum ketan make ragi
Amis najan tampa gula
Mun gering tangtuna rugi
Bakat tinggaleun sakola

Ulah ngaganggu papanting
Bisi nyeureud kana mata
Kasehatan memang penting
Leuwih penting batan harta

Baca oge tips bisnis dan usaha, ameh tereh beunghar.

Selengkapnya

Sajak Sunda Judul Tutuwuhan

Sajak atawa puisi sunda peryogi diuninga urang sadayana di raraga ngamumule budaya sunda. Ulah tepi ka tumpur kaelehkeun ku budaya deungeun. Sajak ieu ditulis ku basa buhun kolot baheula anu tinangtos raos pami diregepkeun.

Contoh sajak sunda di handap salah sawios puisi sunda ku bahasa sunda anu judulna Tutuwuhan, atawa dina bahasa Indonesia na mah hartosna teh tumbuhan.

Judul Sajak : Tutuwuhan

Tutuwuhan ngawarah kuring
Nitah sabar
Kapelok anu dipelak
Teu bisa nanyakeun
Iraha bakal buahan ?

Tutuwuhan ngawarah kuring
Nitah surti
Akar nu ngeteyep neangan ci hujan
Teu kadenge rumahuhna
Daun alu m kapanasan
Teu kadenge jumeritna

Tutuwuhan ngawarah kuring
Kalemah tempatna matuh
Kamanusa mere bubuahan
Gesan nyambung kahirupan

Ku: Rahmat M. Saskarana

Selengkapnya