Ibu Raden Dewi Sartika teh ageung pisan jasana, hususna dina widang atikan. Anjeunna anu ngawitan ngadegkeun sakola kanggo kaom wanita dina taun 1904. Jadi, sanes mung saukur dina wangwangan. Ibu Dewi mah kagungan cit-cita kanggo majengkeun kaomna teh, bari jeung prakna deuih.
Profil Ibu Ajeng Raden Dewi Sartika ku bahasa sunda. Dewi Sartika dibabarkeun di Bandung, kaping 4 desember 1884. Ramana teh Patih Bandung, jenenganana Radomanagara. Ari ibuna nya eta Raden Ajeng Raja permas, putra istri Bupati Bandung anu kakoncara Dalem Bintang. Pa Somanagara kalebet menak anu maju pikiranana.
Sanaos istri, Ibu Dewi Sartika disakolakeun ka sakola Kelas Hiji. Jaman harita mah langka atuh budak Awewe bangsa urang anu sakola teh. Hanjakal henteu lami sakolana. Ibu Dewi kedah eureun di kelas 2B. ari margina, ramana dibuang ka Pulo Ternate, ku margi dianggap pahlawan ku Pamarentah Kolonial Walanda.
Ibu Dewi dicandak ngalih ka Cicalengka, ka bumi Raden Demang Suria Kartahadiningrat, anu katelah Aria Patih Cicalengka. Ibu Dewi ka anjeunna teh perenah ua.
Salami matuh di Cicalengka, Ibu Dewi rajin pisan diajar maca sareng nyerat. Sajabi ti eta, oge sok diajar ngaput, nyulam, masak, sareng sajabina. Anehna kana ngaguruan tos katingal waktos di Cicalengka keneh. Ibu Dewi sok sasakolaan. Tempatna di istal. Sabakna ku kenteng. Ari geripna ku areng atanapi apu. Ari nu jadi muridna, nya eta barudak paratukang di kadaleman aria Patih Cicalengka.
Jaman harita mah kaom wanita teh tinggaleun pisan, margi carang pisan nu sakola spertos pameget. Nya ti harita Ibu Dewi Sartika kagungan cita-cita ngadegkeun sakola pikeun kaom wanita teh.
Cita-citana tinekanan saparantos Ibu Dewi ngalih ka Bandung. Anjeunna diwidian ngadegkeun sakola ku Bupati Bandung. Harita anu janten Bupati Bandung teh nya eta R.A.A Martanagara. Tempatna di Pendopo Kabupaten, dinamian Sakola Istri.
Waktos ngawitan dibuka mah muridna mung 20 urang. Lami-lami teras nambihan, dugi ka teu katampungna, ku margi tempatna heureut teuing. Nya ahirna mah sakolana the dialihkeun ka Ciguriang. Namina oge robih, janten Sakola Kautamaan Istri. Ti harita, Ibu Dewi ngdegkeun cabang di sawatara kabupaten di Jawa Barat. Malah dii Padangpanjang, Sumatra Barat oge aya cabangna.
Tujuan atikanana kagambar dina cariosan Ibu Dewi, anu sering didugikeun ka murid-muridna.”Ari jadi awewe kudu sagala bias, ambeh bias hirup.”Hirup anu kumaha?”Hirup anu cageur bageur.”Memang basajan, tapi jembar pihartieunana.
Ibu Dewi Sartika pupus di Cineam, Tasikmalaya, dina kaping 11 September 1947. Harita teh anjeunna nuju ngungsi, ngantunkeun Bandung, ku margi aya serangan ti Walanda anu disebat Agresi Militer Kahiji tea.
Cag sakitu ieu dongeng nyata anu basa sunda, mudah-mudahan manfaat kanggo elmu pangaweruh sareng tiasa janten teladan pikeun urang samudayana.